B. Daerah

Pertanyaan

perkara naon wae anu di caritakeun dina kawih karatagan pahlawan

1 Jawaban

  • Dina seni lalaguan Sunda, lagu Karatagan Pahlawan teh kaasup kana kategori kawih. Kawih nyaeta mangrupakeun lalaguan Sunda bebas anu henteu kaiket ku aturan. Ditilik tina sastra Sunda, kawih oge mangrupakeun wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan saperti aturan nu aya dina pupuh. Aturan nu aya dina pupuh disebutna guru lagu jeung guru wilangan. Jadi, kawih teh mangrupakeun wangun puisi anu henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan.

    Kawih, kakawihan jeung sajak, dina sastra Sunda mangrupakeun wangun puisi Sunda anu henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan. Kusabab kitu, kawih jeung kakawihan teh sok disebut lalaguan Sunda bebas. Sedengkeun sajak dina mimiti munculna dina sastra atawa puisi Sunda kungsi disebut "sajak bebas", sanajan sabenerna istilah bebas teh hartina bisa relatif.

    Sanajan kawih, kakawihan, jeung sajak teh teu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan, kawih, kakawihan, jeung sajak tetep mangrupakeun karya sastra wangun puisi anu ngabogaan unsur-unsur saperti unsur tema atawa jejer, rasa, nada jeung amanat. Amanat nyaeta perkara atawa pasualan anu hayang ditepikeun ku anu ngarang kawih, kakawihan, jeung sajak ka anu ngaregepkeun atawa ka anu maca kawih, kakawihan, jeung sajak.

    Umpama nilik kana eusi kawih Karatagan Pahlawan, perkara atawa amanat anu aya dina kawih Karatagan Pahlawan teh nyaeta yen saurang pahlawan mah cadu mundur jeung pantang mulang umpama maksud atawa tujuan acan laksana. Saurang pahlawan dina berjuang keur lemah cai teh nepi ka poho ka kulawarga atawa berkeluarga bari jeung berjuang teh tampa pamrih, iklas keur kamerdekaan bangsa.

Pertanyaan Lainnya