Kumaha perasaan hidep sabada maca rumpakan kawih pahlawan toha?
B. Daerah
VanessaIvanaa2589
Pertanyaan
Kumaha perasaan hidep sabada maca rumpakan kawih pahlawan toha?
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Sanajan kawih teh mangrupa lagu, umpama ditilik tina rumpakana, kawih teh kaasup kana karya sastra Sunda wangun ugeran atawa puisi, Kawih nyaeta wangun puisi Sunda anu henteu kaiket ku aturan. Dina seni Sunda, aya sababaraha rupa lagu, nyaeta anu disebut kawih, kakawihan, jeung tembang. Umpama kawih jeung kakawihan mah mangrupakeun wangun puisi Sunda anu henteu kaiket ku aturan. tembang mah nyaeta wangun puisi Sunda anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Aturan anu aya dina pupuh disebutna guru lagu jeung guru wilangan.
Jadi kawih jeung kakawihan teh nyaeta wangun puisi Sunda anu henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan. Kawih oge sering disebut "lalaguan Sunda bebas". Sanajan kawih teu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan, dina kawih aya sababaraha unsur anu biasa digunakeun pikeun nilik atawa nganalisa eusi hiji kawih. Unsur-unsur anu aya dina kawih nyaeta tema atawa jejer, nada jeung suasana, rasa, jeung amanat.
Tema atawa jejer mangrupakeun gagasan poko anu hayang ditepikeun ku pangarang kawih. Nada jeung suasana mangrupakeun sikep pangarang kana hiji kawih anu dijeunna. Rasa nyaeta ngeunaan hal-hal anu ngajiwaan eusi hiji kawih. Sedengkeun amanat nyaeta maksud anu hayang ditepikeun ku pangarang kawih. Umpama ditilik tina unsur rasa nu aya dina kawih Pahlawan Toha, eta kawih teh ngagambarkeun rasa sedih ku gugurna pahlawan bangsa, nyaeta pahlawan Toha.